Paguneman nyaeta kagiatan ngobrol atawa ngawangkong, silih tempas, dua urang atawa leuwih, anu ngagunakeun kalimah langsung. Aya dua rupa paguneman, nyaeta paguneman resmi jeung paguneman teu resmi. Conto paguneman resmi nyaeta saperti sawala atawa diskusi, sedengkeun paguneman teu resmi nyaeta saperti ngobrol jeung babaturan atawa ngobrol jeung indung bapa. Dina paguneman aya unsur-unsur anu perlu diperhatikeun, sangkan paguneman saluyu jeung nu dipikaharep. Unsur-unsur nu perlu diperhatikeun nyaeta bentes henteuna sora, luhur handapna sora atawa lentongna sora, pilihan kecap-kecapna nu disaluyukeun jeung lawan nyarita, sarta penjiwaan pikeun mastikeun yen pesen bisa nepi kalayan merenah. Paguneman nu nyaritakeun ngobrol jeung babaturan sabangku, biasana sok ngagunakeun basa anu loma, nyaeta basa biasa atawa rada kasar. Tapi kulantaran anu ditugaskeun teh kudu nyieun paguneman ngagunakeun basa Sunda nu sopan, jadi unsur anu perlu diperhatikeun nyaeta pilihan kecap waktu nyar...
Komentar
Posting Komentar