Alap-alap Nyaeta kaulinan budak bari kakawihan anu biasana dipetakeun di buruan jeung perlu di lakukeun ku lobaan. Alung Boyong kaulinan di buruan imah atawa di lapang, dipaénkeun ku 8 nepi ka 10 urang nu dibagi 2 grup, prak-prakanana siga maén voly silih tampanan bal nu dijieun tina lamak butut. Ambil-ambilan kaulinan budak bari kakawihan anu biasana dipetakeun di buruan jeung perlu lobaan. Anjang-anjangan kaulinan nu niru-niru jelema nu geus rumah tangga, aya bapa, ibu, anak, tatangga, warung, pasar, jsb. Biasana dilakukeun ku barudak awéwé, tapi saupama aya budak lalaki sok pirajeunan dijadikeun bapa. Bébéntangan kaulinan anu dipetakeun ku cara silihbeunangkeun (ditoél) bari ngajaga bénténg anu dijaga ku batu, talawéngkar, jsb. Béklén Béklen atawa béklen nyaéta kaulinan anu maké bal béklén jeung sawatara kewuk. Biasana dilakukeun di jero imah atawa téras. Kudu aya kewuk/kuwuk jeung bal béklenna nu bahanna tina karét, rata-rata dipaénkeun ku ...
Komentar
Posting Komentar