Postingan

Medar Wawaran Jeung Kajembaran Basa

Gambar

IKLAN DI RADIO

Gambar

Dongeng

Naon Anu Dimaksud Dongeng Teh? Dongeng nyaeta wangun karya sastra anu mangrupa carita dina basa lancaran anu eusina ngandung unsur pamohalan (Teu asup akal). Ciri dongeng jaman baheula: Teu kanyahoan saha pangarangna sumebarna sacara lisan Umumna caritana istanasentris (carita jaman karajaan) Mangrupakeun carita fiksi Rupi-rupi Dongeng: Fabel (Dongeng anu nyaritakeun Sasatoan) Parabel (Dongeng anu nyariytakeun kahirupan anu umumna janten ciri hiji tempat) Myte ( Dongeng anu nyaritakeun halna mistis/gaib) Sage (Dongeng anu nyaritakeun carita kapahlawanan) Sasakala (Dongeng anu nyaritakeun asal muasal tempat, barang, atawa tempat) Di wewengkon Garut aya situ anu ngaranna kawentar ka mana-mana, nyaéta Situ Bagendit. Cék sasakala mah, éta Situ Bagendit téh asal-muasalna kieu: SASAKALA SITU BAGENDIT     Baheula, aya hiji randa beunghar katelahna Nyi Endit. Ieu téh saenyana mah nénéhna, da ngaranna sajati mah Nyi Bagendit. Manéhna téh kacida pisan kumed...

Contoh Pangalaman Pribadi

     Dina liburan kanaekan kelas anu kaliwat, abdi mangkat liburan ka imah mamang anu aya di pucak Bogor. Abdi ngahaja ameng ka imah mamang, ku margi abdi atos bosen liburan ka perkotaan. Abdi hoyong liburan dina suasana anu anyar, kaleresan mamang abdi cicingna di desa anu suasanana alami keneh sarta teu loba polusi. Abdi ngarasakeun pisan liburan abdi ayeuna pikeun ngalakukeun sagala rupa aktivitas anu nyenangkeun sapertos metik daun teh, ameng sareng dulur, sarta seueur keneh deui. Ti sakitu seueur kagiatan anu abdi lakukeun di ditu, metik daun teh nyaeta pangalaman anu berkesan pisan kanggo abdi. Dina wanci abdi keur calik di payun teras imah mamang abdi, abdi diajak dulur abdi ngiring ameng nuju hiji lapang nu henteu tebih ti imah mamang. Sanggeus dugi kadinya, abdi dikenalkeun sareng rerencangan na, nyaeta andi, wawan, jajang, sareng andi. Maranehanana sae pisan sarta dareudeuh jalmina, kabuktian maranehana ngajak abdi ameng sasarengan maen bola dilapangan. Abdi...

Kaulinan Barudak

Gambar

Contoh Kaulinan Barudak

Alap-alap Nyaeta kaulinan budak bari kakawihan anu biasana dipetakeun di buruan jeung perlu di lakukeun ku lobaan. Alung Boyong kaulinan di buruan imah atawa di lapang, dipaénkeun ku 8 nepi ka 10 urang nu dibagi 2 grup, prak-prakanana siga maén voly silih tampanan bal nu dijieun tina lamak butut. Ambil-ambilan kaulinan budak bari kakawihan anu biasana dipetakeun di buruan jeung perlu lobaan. Anjang-anjangan kaulinan nu niru-niru jelema nu geus rumah tangga, aya bapa, ibu, anak, tatangga, warung, pasar, jsb. Biasana dilakukeun ku barudak awéwé, tapi saupama aya budak lalaki sok pirajeunan dijadikeun bapa. Bébéntangan kaulinan anu dipetakeun ku cara silihbeunangkeun (ditoél) bari ngajaga bénténg anu dijaga ku batu, talawéngkar, jsb. Béklén Béklen atawa béklen  nyaéta kaulinan anu maké bal béklén jeung sawatara kewuk. Biasana dilakukeun di jero imah atawa téras. Kudu aya kewuk/kuwuk jeung bal béklenna nu bahanna tina karét, rata-rata dipaénkeun ku ...

Wawaran Jeung Iklan Layanan Masyarakat

Wawaran nyaeta tulisan anu eusina mangrupakeun kalimah panitah, panyaram atawa pangajak, saperti panitah pikeun kudu nutup panto lamun kaluar, panyaram ulah miceun runtah atawa pangajak pikeun ngajaga kaberesihan di hiji tempat. Wawaran biasana dipasang di tempat umum anu aya hubunganana jeung eusi eta wawaran, saperti di dingding masjid, sakola, bandara, mall, jeung sajabana. Wawaran biasana ngan saukur mangrupakeun tulisan anu ukuranana relatif leutik. Conto kalimah nu aya dina wawaran : 1. Lamun ka luar ulah poho nutup panto ! 2. Ulah miceun runtah di dieu !. 3. Hayu urang jaga kaberesihan tempat ieu !. Sedengkeun iklan layanan masarakat nyaeta tulisan anu umumna ngabogaan eusi kalimah pangajak, saperti umpamana pangajak pikeun mayar pajak, pangajak pikeun ngaberantas narkoba, atawa pangajak pikeun jadi donor darah jeung biasana deui lolobana program pamarentah. Iklan layanan masarakat biasana dipasang di tempat anu strategis jeung gampang kabaca, tapi henteu kudu dipa...