Dina liburan kanaekan kelas anu kaliwat, abdi mangkat liburan ka imah mamang anu aya di pucak Bogor. Abdi ngahaja ameng ka imah mamang, ku margi abdi atos bosen liburan ka perkotaan. Abdi hoyong liburan dina suasana anu anyar, kaleresan mamang abdi cicingna di desa anu suasanana alami keneh sarta teu loba polusi. Abdi ngarasakeun pisan liburan abdi ayeuna pikeun ngalakukeun sagala rupa aktivitas anu nyenangkeun sapertos metik daun teh, ameng sareng dulur, sarta seueur keneh deui. Ti sakitu seueur kagiatan anu abdi lakukeun di ditu, metik daun teh nyaeta pangalaman anu berkesan pisan kanggo abdi. Dina wanci abdi keur calik di payun teras imah mamang abdi, abdi diajak dulur abdi ngiring ameng nuju hiji lapang nu henteu tebih ti imah mamang. Sanggeus dugi kadinya, abdi dikenalkeun sareng rerencangan na, nyaeta andi, wawan, jajang, sareng andi. Maranehanana sae pisan sarta dareudeuh jalmina, kabuktian maranehana ngajak abdi ameng sasarengan maen bola dilapangan. Abdi...